yo belanja

Minggu, 12 Februari 2017

TERJEMAH BACAAN SHOLAT BASA SUNDA

Dihandap ieu terjemah bacaan sholat ku basa sunda. Mugia waé tiasa nambih manfaat sareng kahusuan urang dina ngalaksanakeun sholat.
Ogé simkuring ngadu'a kanggo pun guru anu parantos ngajarkeun ieu bacaan sholat ka simkuring. Mugi mantena aya dina kasehatan, kasalematan, sareng aya dina ridho Alloh salalawasna. Pun guru kersana Ust. Ahmad Sanusi.
Hapunten seratan arabna teu tiasa ditampilkeun.


·      DOA IFTITAH
Ari Gusti Alloh éta Anu Agung
Kalawan Agung temenan, jeung ari sadaya puji éta tetep kagungan Allah halna loba. jeung Maha Suci Gustii Alloh salalawasna.

Saenya2na abdi nyanghareup abdi ka Dzat Alloh anu parantos ngadamel kana pirang2 langit jeung bumi, halna condong kana agama islam, jauh tina agama luar islam, tur anu pasrah islam, jeung sanés ari abdi tina sawaréh jalma musyrik.

Saenya2na solat abdi, jeung ibadah abdi salian sholat, jeung hirup abdi, jeung maot abdi, éta tetep kagungan Alloh Anu Mangéranan sadaya alam.
Hanteu aya anu ngaréncangan ka Gusti Alloh, jeung anu taohid, jeung ssholat, jeung ibadah, Gusti di paréntah abdi, jeung ari abdi tina sawaréna jalma islam.

·      TA'UDZ
Nyuhunkeun pangraksa abdi ka Alloh tina syétan anu di ranjam kalawan la'nat Alloh

·      SURAH AL-FÂTIHAH 
1.    Kalayan asma-Na Alloh Nu Maha Murah, Nu Maha Asih.
2.    Sadaya puji kagungan Alloh, pangéran sadaya alam.
3.    Nu Maha murah, Nu Maha Asih.
4.    Nu kagungan dinten wawales.
5.    Mung ka Gusti abdi ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung.
6.    Mugi Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya kana jalan anu lempeng.
7.    (Nyaéta) jalan jalmi-jalmi anu parantos dipaparin ni’mat ku Gusti, sanés jalan jalmi-jalmi anusalasar.

·      RUKU
Maha Suci Pangéran abdi sadaya Anu Maha Agung, jeung muji kaula kalawan muji ka Alloh.

·      I'TIDAL
Mugi nampi Gusti Alloh ka jalma anu muji jalma ka Gusti Alloh.

Hé, Pangéran abdi sadaya, tetep ka Gusti ari sadayana puji, anu minuhan pirang2 langit, jeung anu minuhan pirang2 bumi, jeung anu minuhan sakersana tina hiji perkara anu sanggeusna bumi jeung langit.

·      SUJUD
Maha Suci Pangéran abdi Anu Maha Luhur, jeung muji kaula kalawan muji ka Alloh.



·      DIUK ANTARA DUA SUJUD
Hé, Pangéran abdi, mugi ngahampura Gusti ka abdi, jeung mugi maparin rohmat Gusti ka abdi, jeung mugi nyugihkeun Gusti ka abdi, sareng muga ngangkat kana darajat abdi, sareng mugi ngarijkian ka abdi, sareng mugi nuduhkeun Gusti ka abdi, sareng mugi ngawaraskeun Gusti ka abdi, sareng mugi ngalebur Gusti tina kaluluputan abdi.

·      TAHIYAT

Ari pirang2 kahurmatan, ari pirang2 kabarokahan, ari pirang2 sholat anu lima waktu, ari pirang2 kahadéan éta tetep kagungan Alloh,
Ari kasalametan éta muga tetep ka anjeun Muhammad anu jadi nabi, jeung rohmat Alloh, jeung kabarokahan Alloh, ari kasalametan, éta mugi tetep ka abdi sadaya, jeung ka pirang2 abdina Alloh anu pada sholéh kabéh.
Nékadkeun kaula saenya2na kalakuan jeung tingkah éta hanteu aya deui Pangéran anu wajib di ibadahan anging Alloh. Jeung nékadkeun kaula, saenya2na nabi Muhammad éta utusan Alloh.
Hé, Alloh mugi maparin rohmat rosul ka gusti abdi sadaya tegesna nabi Muhammad.

jeung ka kulawargana gusti abdi sadaya tegesna nabi Muhammad. Saperi Gusti maparin rohmat Gusti ka gusti abdi sadaya tegesna nabi Ibrohim, jeung ka kulawargana gusti abdi sadaya, tegesna nabi Ibrohim.  Jeung mugi Gusti nambihan ka berkahan Gusti ka gusti abdi sadaya, tegesna nabi Muhammad, jeung ka kulawargana gusti abdi sadaya, tegesna nabi Muhammad. Saperti Gusti maparin kaberkahan Gusti ka gusti abdi sadaya, tegesna nabi Ibrohim, jeung ka kulawargina gusti abdi sadaya, tegesna nabi Ibrohim. Dina sadaya alam saenya2na Gusti éta dzat anu di puji tur Anu Agung.



Hé, Alloh, saenya2na abdi nyuhunken pangraksa abdi ka Gusti tina siksa kubur, jeung tina siksa naraka, jeung tina fitnahna hirup jeung maot, jeung tina fitnah kajahatanna dajjal.

5 komentar:

  1. Sampurasun ..... Hatur nuhun kaangge .,...

    BalasHapus
  2. Hatur nuhun pangersa,mugi ngajanteunkeun Elmu jariah kanggo urang sadaya,aamiin

    BalasHapus
  3. Alhamdulillah.hatur nuhun kang.mugia janten ka saean dunya akherat.

    BalasHapus
  4. Hatur nuhun

    Salamna ti orang Malangbong Garut.

    BalasHapus