yo belanja

Senin, 25 September 2017

MAPAY RIWAYAT

Baheula keur budak, mangsa can pati ngarti kana kahirupan. Anjeun indit ti imah beurang peuting, ngagandong tas, mawa buku jeung balpen, malah mawa mushaf Al-Qur'an. Anjeun diajar nulis jeung maca, nepika anjeun bisa ngaderes Qur'an. Salian ti éta, anjeun diajarkeun rukun islam jeung rukun iman. Béhdituna diajar sholat, diajar prak-prakan wudlu, puasa jeung tajwid. Naha anjeun ngarasa beban? Kapan anjeun ngarasa bungah mun anjeun lulus tina hiji bab pangajaran.
Gening kitu. Tapi naha nalika anjeun geus rumaja, behdieuna kadewasakeun ku umur, hirup anjeun loba salah, loba kaliru, resep dina kagoréngan laku lampah jeung ma'siat. Mana élmu nu baheula diala téh gening euweuh nerapna? Padahal geus jelas baheula diajar téh keur bawaeun hirup sangkan ulah kalunta-lunta genah dina kaayaan dosa.
Meureun kiwari ku anjeun karasa, jalan hirup rupa-rupa, kélahna néangan kabagjaan. Gening bagja jarang karandapan, loba susahna batan bungahna. Kunaon, cing? Da éta bongan sorangan, meunang lila-lila ngaji téh teu nerap dina kanyataan. Teuing poho, boa dipopohokeun. Ceuk guru kadé teu sholat, kadé teu puasa, kadé deui, kadé deui. Gening bener piwuruk guru, kadé deui-kadé deui téh, sabab dina ngambah sagara kahirupan urang sok kabobodo ténjo, kasamaran paninggal. Nu sigana nyenangkeun téh buahna karah jadi dosa. Akibatna hésé pinanggih bagja.
Raketkeun, niatkeun, cekel pageuh kayakinan dina haté. Gera balik, baralik deui kana jalan fitrah.
Gusti Nu Maha Agung, hampura abdi talédor, ninggalkeun kawajiban, migawé larangan.
Isuk jaganing pagéto ieu nyawa bakal ingkah tina raga, ninggalkeun tapak ka balaréa.
Kamana engké rék miang, mana jalanna? Ya Allôh, abdi hoyong balik deui, kana jalan anu lempeng, jalanna anu saroléh. Gening anu soléh mah hirupna tara uyuh ku ripuh. Salawasna taqwa tawakal sanajan loba dodoja. Gusti, mugi maparin taufik, hidayah sareng rohmat, malar salamet dunya ahérat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar