yo belanja

Selasa, 03 Oktober 2017

Wasiat Ama

Hidep sing jadi jalma sholéh jeung sholéhah.
Omat, dina ngajalankeun hirup ulah rék aral subaha.
Sanghareupan naon waé nu aya dihareupeun hidep kalawan sadar.
Teu pati2 Gusti Allôh némbongkeun hiji perkara ka hidep, iwal ti pikeun maparin pangajaran.
Teu aya nu disebut kabeneran, sabab sagala rupa kajadian éta pasti aya papasténna ti Anu Maha Kawasa.
Jelas dina kitabNa, tugas urang ngan saukur ihtiar.
Ulah rék ngarep2 hasilna tina gawé urang, sabab gawé urang éta paréntah Nu Maha Kawasa.
Mun seug manggih kapeurih, sanghareupan ku sabar jeung sholat, améh hidep jd jalma anu untung.
Untung lain ngan saukur meunang buruhan ku dunya anu saeutik, tp hakékatna kauntungan anu mucekil mah karidhoan ti Gusti Nu Maha Suci.
Regepkeun ku hidep, sakur2 jalma anu masih kumelendang di alam dunya, saréréa ogé keur nunggu2 waktu, diudag2 mangsa, nyatana pikeun mertanggung jawabkeun sakabéh amalna nalika nyawana leupas tina raga.
Awak bakal dibalikeun deui kana asalnya, nyatana diruang dina taneuh. Taneuh nu ku Gusti diinjeumkeun, tangtu bakal dipulangkeun.
Poma ulah rék wani2 ninggalkeun paréntahna, ulah rék ngareumpak cegahanana.
Pigawe sunnah rosul, tuturkeun para alim ulama, sabab aranjeuna diwaris ku Nabi.
Sakitu wasiat ama, mugi Gusti marengkeun urang engké dina poé nu moal aya tungtungna téh aya dina Rohmat-Na Allôh, sarta urang bakal langgeng bagja didinyana. Âmîn..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar