yo belanja

Selasa, 03 Oktober 2017

Néangan Élmu Kudu

Néangan élmu kudu niat karna Allôh, miharep ganjaran jeung ridoNa Allôh. Béhdituna mah gening saur Imam Ghazali néangan élmu téh cirina urang nyukuran nikmat akal. Sabab akal diciptakeun ku Gusti Allôh téh lianti pikeun nganyahokeun anu hak jeung bathil. Jalanna pikeun nganyahokeun hak jeung bathil teu aya deui iwal ti kudu nyaho kana élmu syara'.
Tos dijelaskeun dina katerangan yén saenya-enyana sakabéh mahkluk bakal ngadu'akeun ka jalma anu eukeur merdih élmu, turta dipangméntakeun hampura. Sabalikna lamun niat néangan élmu pikeun harta ogé kapangkatan, éta hartina geus pasti ngadolim kana dirina sorangan. Na'udzubillâh.
Wallôhu a'lam.

Diropéa tina kitab Bidayatul Hidayah, karangan Imam Ghazali.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar