yo belanja

Jumat, 20 Maret 2020

Hayang Jadi Penulis

Jorojoy aya karep hayang jadi penulis. Geus lila sabenerna mah resep kana nulis téh. Kungsi nyieun sajak atawa puisi, nyieun cerpen ogé kungsi. Ngan, duka dimarana éta. Maklum.

Karesep maca buku, sanajan tara parat macana. Malahan sok rajeun meulian buku. Koléksi buku téh lolobana terjemah kitab tina basa arab nu sok diajarkeun di pasantrén, kayaning Sulam Tufik, Tijan, Nashoihul'Ibad jeung réa deui nu séjénna. Dasarna mah sok kabita ku para santri anu apal kana bag-bagan agama. Malahan kungsi aya karep hayang jadi ustadz sagala. Nika ayeuna éta angen-angen téh kadang sok timbul dina haté. Ngan sok mikir deui ari jadi ustadz atawa kiayi téh kudu luhung ku élmu jembar ku panalar. Ari uing, naon atuh? Teu kungsi masantrén ogé. Hehe.

Sok bingung mun karep hayang nulis téh, naon nu kudu ditulis? sok seunggah mikir néangan bahan caritana. Padahal réa ogé sabenerna mah téma keur bahan tulisan téh. Intina mah henteu der, henteu daék ngamimitian. Kitu da urang mah sok kuméok méméh dipacok ceuk paribasa mah. Jeung deui naha mun nulis bakal aya nu macana? Éta ogé anu sok jadi lalangsé hahalang kana karep nulis.

Dina mangsa jolna karep hayang nulis, sok rajeun mukaan deui buku tuluy maca. Ngan, kitu téa bosenan, mah. Wegah deui baé, lur. Kitu jeung kitu wé saban mangsa. Meureun aya kana sadékadeu mah kalakuan kitu téh. Nika kiwari. Padahal mah rarasaan aya bakat kana nulis téh. Rarasaan kitu gé, euy.

Mun keur hayang nulis téh sok teg wéh inggis ku bisi rémpan ku sugan teu patut jeung aturan. Éta atuh da ari tulas-tulis téh kudu keuna kana undak-usuk basana. Tah, éta sok paur teu sapuk jeung aturan. Padahal, nya,  loba penulis anu tara pati miroséa kana hal éta, tapi tulisanna alus. Contona waé Pidi Baiq, nu nulis novél Dilan. Ceuk pangakuanana anjeuna teu nyaho aturan nulis novél nu bener. Gening, best seller bukuna. Ah, heueuh atuh arék ah ngamimitian nulis.

Nulis téh salah sahiji tradisi ulama jaman baheula. Loba kitab-kitab nu dikarang jaman baheula ayeuna masih kénéh dijieun rujukan, contona kitab-kitab nu ditulis ku Imam Al-Ghazali, Imam Nawawi, jeung nu séjénna. Malah di Indonesia ogé réa pisan ulama anu nulis saperti Imam Nawawi Banten, K.H. Hasyim Asy'ari, K.H. Sirojuddin Abas, Buya Hamka, béh dieuna aya Aa Gym, UAS, jeung UAH réa karyana.

Tah, atuh sugan ngajadi, Insya Allôh, urang mimitian ti dieu. Cag!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar