yo belanja

Sabtu, 29 Februari 2020

RUMASA

Haleuang dangiang rasa
Minuhan alam mawa béja
Béja sangkan jadi panggeuing wanci
Aya wanci urang sadrah séba

Wanci nu dititipkeun
Malar jadi pametik hasil
Hasil urang naon
Salila hirup di dunya

Haleuang sok teu dipaliré
Haleuang lain saukur kabiasaan
Yén éta mangsana datang
Naha arantep teuing?

Ceuli ngadéngé
Ngan déngé teu ngadéngékeun
Ngan saukur didéngé
Hanteu kalawan dipaliré

Cag tunda rasa
Tunda pakakas
Tunda sagala rupa
Urang datang nyumponan haleuang